jelaskeun bedana bewara jeung biantara? plisss mohon dijawab yg bisa lagi butuh jawabannya
Pertanyaan
plisss mohon dijawab yg bisa lagi butuh jawabannya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Bewara dina basa Indonesia sarua jeung pengumuman. Sedengkeun biantara dina basa Indonesia disebut pidato. Bedana bewara jeung biantara nyaeta yen bewara mah cukup ditepikeun ngan saukur ku dibaca sacara lancar, sedengkeun dina biantara mah anu nepikeun biantara kudu miboga usaha sangkan anu ngaregepkeun biantara teh ngarti, kataji, satuju kana eusi biantara, kukituna dina biantara mah aya panduan nepikeun biantara, henteu siga dina nepikeun bewara.
Pembahasan
Dina biantara aya panduan anu bisa digunakeun saperti TAMAN nyaeta yen dina nepikeun biantara teh kudu ngestokeun TAMAN, siggetan tina Tatag nyaritana, Aktual temana, Munel eusina, Alus basana, sarta Ngandung wirahma. Sedengkeun dina nepikeun bewara mah henteu perlu nepi ka ngestokeun TAMAN saperti dina biantara, tapi dina nepikeun bewara mah cukup ngan saukur yen dina maca eta bewara teh bisa lancar atawa Tatag dina maca bewarana.
Pelajari lebih lanjut
- Nu kudu dipikanyaho samemeh nulis biantara https://brainly.co.id/tugas/11711758
- Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
- Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Biantara
Bab : 1
Kode : 10.13.1
Kata Kunci : Bedana bewara jeung biantara