B. Daerah

Pertanyaan

fungsi moderator dalam diskusi tina basa sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda, moderator sok disebut oge panumbu catur. Fungsi moderator atawa panumbu catur dina diskusi nyaeta ngatur, ngarahkeun atawa mingpin lumangsungna diskusi, dina basa Sunda diskusi sok disebut sawala. Kagiatan diskusi atawa sawala dina basa Sunda kaasup kana kagiatan anu disebut paguneman.

    Paguneman nyaeta dialog atawa nyarita dua arah, silih tempas, antar dua urang atawa leuwih, anu ngagunakeun kalimah langsung. Diskusi atawa sawala teh kaasup kana paguneman resmi.

    Kusabab dina paguneman atawa diskusi mah nyarita teh silih tempas, kudu aya jalma anu ngarahkeun jeung mingpin jalanna eta diskusi, sabab lamun henteu eta diskusi teh jalanna moal puguh, atawa sok disebut jadi "debat kusir".

Pertanyaan Lainnya