B. Daerah

Pertanyaan

naon wae jenis jenis warta dumasar kana cara nepikeunnana?

1 Jawaban

  • Warta teh nyaeta beja ngeunaan hiji kajadian anu sabenerna atawa faktual di hiji waktu jeung hiji tempat anu jelas. Naon wae jenis warta teh?. Nilik dumasar kana cara nepikeunana aya sawatara rupa warta nyaeta straight news, depth news, soft news, feature jeung reportase.  

    Pembahasan

    Di handap ieu dijentrekeun naon anu dimaksud straight news, depth news, soft news, feature jeung reportase teh:  

    1. Straight news nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna henteu ditambahan atawa dikurangan, anu ngagunakeun basa anu lugas. Ieu warta sok disebut oge warta langsung  
    2. Depth news nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan ku informasi faktual sejenna anu aya patalina jeung eta kajadian  
    3. Soft news nyaeta warta hampang anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi anu dipentingkeun teh nyaeta leuwih tina sisi kamanusaan nyaeta saperti ngajak mikir, ngarasa atawa empati kana eta kajadian  
    4. Feature nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi dilengkepan ku kasang tukang eta kajadian sarta ditepikeun ku ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa pikeun anu narima eta warta, saperti rasa gumbira, sedih atawa oge humor
    5. Reportase nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan hasil panalungtikan atawa pengamat jeung suber tinulis anu jelas sangkan anu narima warta ngarasa sugema kana eta data anu lengkep.

    Pelajari lebih lanjut

    Naon anu dimaksud warta teh https://brainly.co.id/tugas/4565352

    Ciri-ciri warta https://brainly.co.id/tugas/1697045

    Fungsi warta https://brainly.co.id/tugas/15935731

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Warta

    Bab : 2

    Kode : 8.13.2

    Kata Kunci : Naon wae jenis warta

Pertanyaan Lainnya